BAB PUASA
Wajib ka urang puasa Di
bulan romadon biasa
Pameuget istri dipaksa Mun
kuat jeung geus dewasa
Lima perkara sababna Hiji
kusabab sampurna
Tilupuluh bulan sa’ban Pek
geura saum isukna
Kadua sabab ninggali Tanggal
romadon di hak jalmi
Najan fasik eta jalmi Anu
ninggal tanggal hiji
Tilu kusabab teuteupna Tanggal
dihakna sijalma
Nu teu ninggali tanggalna Ngan
adil saksiannana
Ka opat ku pang bejaan Jalma
adil cariosan
Tur geude kapercayaan Puasana
kawajiban
Omat mun nyangka benerna Atawa
nyangka salahna
Tawa nu teu kaperaya Ngan
dina hate mah aya
Ari anu kalimana Ku
nyangka asup romadona
Teugesna tangggal romadona Kalawan
ati-atina
SYARAT SYAH SAUM
Saum pardu sareng sunat Syarat
sahna aya opat
Islam anu kahijina Boga
akal kaduana
Kudu suci tina hedna Tina
nifas katiluna
Kaopatna nyaho kana Poe
nu sah puasana
SYARAT WAJIB
SAUM
Syarat wajib puasana Aya
lima sadayana
Islam anu kahijina Geus
baleg nu kaduana
Tilu kuat puasana Kaopat
sehat badana
Ari anu kaliamana Cicing
dilembur jalmana
RUKUN SAUM
Saum tah tilu rukuna Niat
anu kahijina
Ti peuting manah sing tenang Kade
niat tibeurang
Dina fardu lain sunat Dina
sunat meunang niat
Tibeurang tong leutik fakir Dina
samemehna lingsir
Kadua kudu ninggalkeun Tinu
matak ngabatalkeun
Ari anu katiluna Jalma
anu puasana
WAJIB KIFARAT JEUNG QODO
Kifarat qodo ta’jiran Aturan
sareung geuningan
Ulah
dianggap lumayan Sumawona
heuheureyan
Anu kieu tah wajibna Ka
jalma islam khususna
Anu ngabatalkeun kana Puasa
bulan romdona
Tur ngabatalkeun saumna Seuperti
anu sampurna
Ku jima anu sampurna Eta
tetela dosana
WAJIB NGEUKER SARTA QODO
Wajib ngeuker sarta qodo Diana
geunep kade poho
Atawa urang teu nyaho Kahijina
pek arilo
Jalma batal puasana Anu
ngahaja batalna
Dina bulan romadona Jeung
lain dina liana
Kaduana tinggal niat Ulah
lalawora omat
Di bulan romadon tipeuting Ieu
tah perkara penting
Jalma saur repeh-repeh Nyangkana
tah peuting keneh
Pek tetela kamanehna Sulaya
sangkaannana
Kaopat jalma nu buka Bari
kana surup nyangka
Tur padahal mah sulaya Atuh
hanjakal nu aya
Lima mun nyata pisan Ka
jalama dina poean
Tilupuluh bulan sa’ban Eta
tah geus bulan romadon
Kageunep mun mileupasna Cai
moharakennana
Moharaken kekemuna Atawa
ngingsrep caina
BATALNA SAUM
Batal puasa ku hedna Ku
nifasna ngajuruna
Ku murtadna jeung edana Najan
sakeudeung edana
Kusakalor reujeung weureu Nu
dihaja-haja weureu
Tikawit bijil fajarna Neupi
kasurup poena
HUKUMNA BUKA
DINA ROMADON
Hukum buka dina romadon Opat
rupa nu kadongdon
Nyaeta nu wajib kawas Istri
nu hed reujeung nifas
Jalma anu nyanyabaan Jalma
gearing lemah badan
Nu kieu menang bukana Sarta
mere kagampangan
Buka teu wajib teu wenang Cara
jalma anu kurang
Anu edan otak malang Henteu
sak jeung henteu mangang
Aya buka diharamkeun Cara
jalma nu ngahirkeun
Kana qodo ngagampangkeun Ibadah
sok diheureuyken
Neupi karupet waktuna Waktu
keur ngodoanana
Tur ker aya dilemburna Cicing
sarta jeung cageurna
BABAGIAN
BUKA
Buka dina bulan romadon Dibagi
opat bagian
Ari anu kahijina Wajib
qodo jeung fidyahna
Tah kieu keur manusa Anu bukana puasa
Karana sieun doreksa Ka
lian dirina asa
Jeung anu batal saumna Tur
teu kaburu qodona
Neupi ka nyorang romadona Romdon
nu datang ayeuna
Sarta tah manehna cicing Oge
cageur henteu gearing
Tapi eta mah estu pisan Ku
ngedul kade sing eling
Dua anu wajib qodo Ngan
hentue wajib fidyahna
Seuperti batal saumna Jalma
anu sakalorna
Katilu nu wajib fidyah Henteu
wajib qodo mah
Cara aki-aki payah Tanagana
enggeus lemah
Ari anu ka opatna Anu
teu wajib qodona
Jeung teu wajib fidyahna Cara
jalma anu edan
TEU BATAL PUASA
Henteu batal puasana Sabab
aya nu asupna
Kana jero beuteungna Kulantaran
pohona
Atawa sabab bodona Kitu
deui kapaksana
Reujeung ku neureuy ciduhna Sabab
aya perkarana
Nunapel dina huntuna Tur
apes nyiduhkenana
Reujeng asup kekebulan Asup
kana liliangan
Reujeung kateurey lareurna Nyakitu
deui bangsana
Anu hiber asup kana Baham
jalma nu saumna
PANAMBAH
Sakieu nadoman fiqih Bab
haji tangtu kapanggih
Kunu ngamaksud jiarah Ka makah Al-mukaromah
Nu penting kanggo tambahan Bacaan
apal-apalan
Dibumi
dimadrasahna Tah
ieu wincikanana.
"diterjemaahkan dari kitab Durusul Fiqih"
Wallohu 'alam.
Wallohu 'alam.
0 comments:
Post a Comment