HARAM KA ISTRI ANU KEUR
HAID
Haram kanu hed lobana Aya
sapuluh jumlahna
Kahiji haram
sholatna Haram
towap kaduana
Nyabak qur`an katiluna Kaopat
haram mawana
Ari anu kalimana Dimasjid
haram cicingna
Rejeng haram
maca qur`an Jeng puasa
dijauhan
Ditolak oge larangan Jadi jumlahna dalapan
Anu nomer salapanna Nu hed haram
ngaliwatan
Kajero masjid mun sieun Eta
masjid kagetihan
Ari nu kasapuluhna Dialap suka istrina
Nu aya diantarana Bujalna
rejeng tuurna
HARAM KAJALMA NU JUNUB
Kanu junub diharamken Genep
rupa pek regepken
Sholat anu kahijina Towap
anu kaduana
Katiluna nyabak qur`an Kaopatna
mawa qur`an
Haram cicing dimasjidna eu
anu kalimana
Kagenepna
maca qur`an Maca ayat
tina qur`an
Mun maksudna maca qur`an Sami
ieu ge larangan
PARDU WUDHU
Pardu wudhu aya geuneup Kanyahoken
sing sareugep
Hiji niat dina ati Urang
kudu ati-ati
Kaduana ngumbah beunguet Tihandapna
semet angkeut
Dibarengan jeung niatna Tah
kitu prak-prakannana
Ngumbah leunguen jeung sikuna Ieu
anu katiluna
Atawa kira-kirana Lamun teu aya sikuna
Jeung wajib ngumbah kabehna Tina
bulu jeung liana
Jeung kudu aya leuwihna Ngumbah
siku kaluhurna
Ngusap sirah kaopatna Ngumbah
suku kalimana
Tartib anu kagenepna Ya’ni
perele hartina.
SYARAT WUDHU
Syarat wudhu lobana Aya
sapuluh warnana
Islam anu kahijina Tamyiz
hideng kaduana
Ari anu katiluna Bersih
tina hed nifasna
Opat taya hahalangna Cai
kanu dikumbahana
Cara Leuget jeung bangsana Ari
anu kalimana
Teu aya dianggotana Nungarobahken
caina
Ari anu kagenepna Nyaho
kana kaparduanana
Teugesna pardu wuduna Anu
geunep sakabehna
Ari syarat ka tujuhna Ulah
nekadken nu pardu
Kana pardu jadi sunat Keudah
di omat-omat
Syarat wudu kadalapan Cai
kade kasalahan
Kudu bersih dipake sah Kade
wudhu tah salah
Kasalapan manjinga waktu Kasapuluh
mualatu
Ari anu wudhu kitu Keur
nu langgeung hadas tangtu
LARANGAN KEUR NU BATAL WUDHU
Haram kanu batal wudu Opat perkara nu tangtu
Kahijina haram sholat Sanajan sholatna sunat
Kaduana haram towaf Katiluna nyabak mushaf
Kaopatna mawa mushaf Urang wayahna sing insaf
PEMBATALAN WUDHU
Opat perkara lobana Nu
matak batal wuduna
Ari anu kahijina Aya
nu bijil buktina
Tina qubul jeung duburna Anging
atawa liana
Di lalaki awewena Sami
teu aya bedana
Anging mun mani bijilna Teu
matak batal wuduna
Ari anu kaduana Jalma
anu ilang akalna
Ku sare reujeung liana Cara
edan seupeurtina
Anging nu diuk sarena Sarta
neuteupken biritna
Ari anu katiluna Paantel
dua kulitna
Lalakina awewena Anu geude duanana
Jeung nu sejen duanana Jaba
jeung mahram antelna
Kaopat
nyabak qubulna Atawa
nyabak duburna
MANDI WAJIB
Ari anu ngawajibkeun Kana
mandi pek hartikeun
Aya geuneup ditangtukeun Bari
teurus laksanakeun
Ari anu kahijina Ku
jima jadi sababna
Bijil mani kaduana Jeung
bijil haid katiluna
Nifas anu kaopatna Ngajuru
nu kalimana
Maot anu kageunepna Kajaba maot syahidna
FARDUNA MANDI
Farduna mandi tah dua Istri
pameuget sarua
Nomer kahijina niat Ngilangkeun
tina jinabat
Atawa tiana haidna Atawa
tina nifasna
Ku cai bersih mandina Walatra
kabeh badana
Sakabeh dohirna badan Sarta
kabeh lilipitan
Tong aya nu diliwatan Mugi
sing jadi emutan
JOHNN'S CASINO IN SEAH OLYMPUS CITY - Air Jordan
ReplyDeleteJOHNN'S CASINO IN SEAH air jordan 18 retro yellow sports OLYMPUS website to buy air jordan 18 retro men red CITY how can i order jordan 18 white royal blue JOHNN'S CASINO IN SEAH air jordan 18 retro yellow suede online OLYMPUS CITY JOHNN'S jordan 18 white royal blue online store CASINO IN SEAH OLYMPUS CITY JOHNN'S CASINO IN SEAH OLYMPUS CITY | JOHNN'S