RUKUN SHALAT
Rukun shalat sadayana Tujuh
beulas kahijina
Niat shalat ulah leupat Kanyahokeun
sing careupat
Takbirotul ihrom dua Tilu
nangtung lamum bisa
Dina keur shalat parduna Mun
sunat bisa diukna
Kaopat maca fatihah Nukalima
ruku malah
Kageuneupna tumaninah Dina
ruku ulah salah
I’tidal nukatujuhna Ari
nu kadalapanna
Nyaeta tumaninahna Urang
dina I’tidalna
Sujud anu kasalapan Sujudna
dua balikan
Kasapuluh tumanianah Dina
sujud sing merenah
Ari nu kasabelasna Nyaeta
kudu diukana
Antara sujud duana Bari
pek baca du’ana
Jeung nu kaduabelasna Tumaninah
na diukna
Jeung nu katilubelasna Tahiyat
akhir macana
Ari kaopat belasna Diuk
tahiyat akhirna
Ari kalima belasna Kudu
maca sholawatna
Macana ba’da syahadat Na
tahiyat akhir omat
Geunep belas maca salam Pek lakonan ulah hamham
Ari katujuh belasna Kudu
tartib narukuna
Rukun bangsa pagawean Atawa
bangsa bacaan
SYARAT SYAH SHALAT
Syarat syah shalat dalapan Hiji
kudu bersih pisan
Tina hadas duanana Kudu
beursih kaduana
Tina najisna badana Jeung
dina pakeannana
Jeung dina tempat shalatna Tong
gagabah sing ingetna
Ari anu katiluna Kudu nutupan oratna
Ari anu kaopatna Kana
kiblat nyanghareupna
Lima kudu manjing waktu Shalat
fardu nu geus tangtu
Ari anu kageunepna Nyaho
kana kafarduanana
Tujuh syarat sahna shalat Urang
tong nekadkeun sunat
Tina kafarduan shalat Kade
ulah laleupat
Ari anu kadalapan Urang
kudu ngajauhan
Tina sakur pambatalan Masing ati-ati pisan
UDZURNA SHALAT
Aya dua udur shalat Kusabab
ieu teu leupat
Teu dosa ngahirken shalat Kanyahokeun
omat-omat
Sareng anu kahijina Nyata
dimana sarena
Timemeh manjing waktuna Nyaeta
waktu shalatna
Poho anu kaduana Lain
kusabab ngaduna
Atawa maen gawena Nukitu
teuteup dosana
PAMBATALAN SHALAT
Ari anu ngabatalkeun Kana shalat dijumlahkeun
Opat belas pek apalkeun Ieu
Rek dipertelakeun
Kahiji kusabab hadas Shalatna batal sing awas
Ari nomer kaduana Katibanan ku najisna
Katilu kabuka orat Orat keur nalika shalat
Mun teu
ditutupan geuwat Shalatna
batal teu leupat
Ari anu kaopatna Ngomong nalika shalatna
Mere harti ku ngomongna Sanajan
hiji harapna
Ari anu kalimana Migawe
tur ngahajana
Kana nu sok ngabatalkeun Kana
saum dihajana
Dahar loba kageunepna Tur poho dina daharna
Atawa teu nyaho kana Haram dahar keur shalatna
Katujuh usik-usikan Lobana tilu usikan
Bari tuluy-tuluy najan Usikna tah kapohoan
Kadalapan luncat tarik Bari sanajan sabalik
Kasalapan neunggel tarik Kade
urang sing apik
Nu kasapuluh nambahan Rukun
bangsa pagawean
Bari ngahaja nambahan Karana ulin-ulinan
Ari nu kasebelasna Miheulaan ka imamna
Ku dua rukun lobana Pagawean duanana
Nyakitu mun mandeuriken Ti
imam ku dua rukun
Anu bangsa pagawean Sarta tina paudzuran
Nu kaduabelas niat Kana megatkena shalat
Katilubelasna umat Ngagantung megatken shalat
Ari kaopatbelasna Mun urang mandeg mayongna
Dina megatkeun shalatna Kukitu
batal shalatna
ANGGOTA SUJUD
Anggota sujud jumlahna Aya
tujuh perkarana
Tarang jeung dampal leungena Reujeung
tuur duanana
Nyakitu
dampal ramona Ramo
suku duanana
Ieu tah wajib antelna Dina
nalika sujudna
SABAB SUJUD
SAHWI
Ari sabab sujud sahwi Aya opat eungges pasti
Kahiji tinggal sawareh Tina
ab’ad shalatna tah
Dua sabab migawena Sarta
poho migawena
Kanu batal ngahajna Jeung
teu batal pohona
Katilu mindahkeun rukun Rukun
nu bangsa ucapan
Pindahna tah kana lian Teumpatna
eta ucapan
Opat nibakeun rukuna Bangsa
pagaweannana
Sarta ihtimal tambahna Cara
mang-mang raka’atna
AB’ADNA SHALAT
Sakabeh ab’adna shalat Aya
tujuh heunteu leupat
Hiji tahiyyat awal Diuk
tahiyyat awalna
Ieu mah nukaduana Ari
anu katiluna
Maca halawat ka nabi Na
tahiyyat awal tadi
Ari anu ka opatna Tambah
kakulawargi
Dina tahiyyat akhirna Ulah
diliwat macana
Kunut anu kalimana Kageuneup
nangtung kunutna
Dina rakaat akhirna Sapeurti
shalat subuhna
Katujuh maca shalawat Shalawat
kanabi terhurmat
Kulawargi sareung sohabat Dina
nukunutna nu shalat
WAKTU SHALAT
Shalat fardu
lima waktu Ari dzuhur waktu tangtu
Panon poe eunggeus ngeser Tina
tengah-tengah poe
Malah akhirna jadina Kalangkang
tina misilna
Tur eta lain leuwihna Kalangkang teungah
poena
Ari asyar
mimitina Lamun
geus aya mimitina
Tina jadi kalangkangna Perkara
tina misilna
Akhirna waktu asyar teh Lamun
surup panon poe
Malah awal maghrib oge Ti
surupna panon poe
Jeung waktu maghrib akhirna Surup
mega anu beureum
Ari isya mah awalna Ti
surup mega beureum
Akhir isya nggeus sidik Kunu
a’lim diseulidik
Mun geus bijil fajar syidik Kade
masing arapik
Jeung ari subuh awalna Ti
bijil fajar syidikna
Ari subuh teh akhirna Geus
bijil panon poena
Mega teh tilu lobana Beureum,koneng,jeung
bodasna
Beureum ciri maghribna Koneng,bodas
mah ciri isyana
Jeung sunat akhirkeun awas Kana
shalat isya luas
Neupi ka surpna jelas Mega
koneng jeung nu bodas
SYARAT MA’MUM
Ari ma’mum teh syaratna Aya
sabeulas jumlahna
Ari anu kahjina Ulah
nyaho si ma’mum
Ka imam batal shalatna Kusabab
hadas imamna
Ari syarat ka duana Jeung
ulah nekadkeun kana
Wajib ngodoan shalatna Nyaeta
shalat imamna
Ka tilu jeung ka opatna Ulah
bukti nyele imamna
Anu ma’mum kaliana Tur
ulah bodo imamna
Lima ulah katukangan Imam
sing jadi patokan
Geuneup kudu nyaho ma’mum Kana
pundah-pindah imam
Tujuh kudu
kumpul sami Imam jeung
ma’mum ngahiji
Atawa kumpulna imam Jeung
ma’mum urang sing paham
Aya tilu ratus siku Had
takrina teh aya sakitu
Ka dalapan kudu niat Jadi
ma’mum omat-omat
Salapan akur carana ma’mum,imam
na shalatna
Jeung teu meunang nyulayaan Dina
eta pasunatan
Anu kurang nyulayaan Dina
eta pasunatan
Ieu anu kasapuluh Kasabeulas
mah geus puguh
Ma’mum nurut ka imamna Teu
syah lamun sulayana
GAMBARAN MA’MUM
Sakabeh gambaran ma’mum Aya
salapan geus umum
Dina lima menang ma’mum Opat
mah teu heunteu sah ma’mum
Nu sah ma’mum ditaliti Eta
ma’mumna lalaki
Ka bangsa lalaki deui Awewe
jeung wandu oge
Ari ma’mumna awe Ka
wandu pek menang bae
Jeung sah ma’mumna awewe Ka
awewe deui hade
Kade batal ma’mumna Dina
opat sing ingetna
Teu sah ma’mumna lalaki Ka
istri najan nu ngarti
Lalaki ka wandu oge Malah
wandu ka awewe
Wandu ma’mum ka bangsana Tah
kitu babarannana
0 comments:
Post a Comment