Sunday, November 27, 2016

HEUREUY SANTRI ( Bahasa Sunda - part - 1 )

HEUREUY SANTRI ( fardu wudhu )

Doni       : Al-hamdulillah,ari babareungan jeung ustad mah kabagean barokahna,padahal kuring mah ngan saukur santri anu can bisa nanaon
Angga   : muhun,muhun can bisa nanaon,muhun
Wandi   : tah geuning ieu buktina,make menang besek sagala tinu syukuran. Apanan aya paribasa, sing saha jalma nu babarengan jeung tukang minyak seungit bakal kabawa seungit,jeung sing saha jalma anu babareungan jeung tukang lebu pasti bakal ngilu kakebulan.
Angga   : muhun, muhun kakebulan
Doni       : Muhun, muhun weh titatadi teh,tai kotok rasana coklat
Angga   : Muhun, tai kotok rasa coklat
Wandi   : ehhh kalah tuturut munding wae,tai ucing rasana haseum
Angga   : Muhun tai ucing rasana haseum
Doni       :Ya Allah, ya Karim kalah hareurey wae nya. Cik ah Doni arek naya perkara nu di terangkeun ku pa ustad kamari. Cikan Angga apal keneh teu?
Angga   : apal atuh, anggaaaaaaaaa,kieu geura :
Walayangtakila walayajifa idadubigo walamyablug minal aspali
Doni       : naon hartina eta teh ngga?
Angga   :  walayangtakila : Jeung ulah tungkal-tangkel, walayajifa : kana mobil jip, ida dubigo : dimana digubag-gabig, walamyablug : maka bakal tigedeblug, minal aspali : kana aspal
Wandi   : ah et mah lain pelajaran kamari atuh,tapi panyarek pa ustad supaya ulah nangkel kana mobil nu keur maju,bisi     cilaka.
Angga   : muhun, muhun bisi cilaka
Wandi   : cik ari Doni apal teu ?
Doni       : apal atuh, Doniiiiii, kieu geura :
Waljaeru ida gorimi wakucipa fahuwa ni’matun
Angga   : naon harinateh don?
Doni       : Waljaeru : jeung ari lauk mujaer, idagorimi : dimana-mana digoreng, wakucipa : teurus dikecapan, fahuwa ni’matun : maka tangtu eta ni’mat kacida
Wandi   : ahh saruana ngaco ieu mah,tadi mobil jip ayeuna goreng lauk jaer nu dikecapan.dasaaar dasaaar,
da kamari mah pa ustad teh nerangkeun perkara parduna wudu,cikan angga apal keneh teu ?
Angga   : ohhhh inget ayena mah, kieu gera :
Ari pardu wudhu eta ya 6 perkara :
  1. niat
  2. ngumbah raray
  3. ngumbah panangan duanana sarta sikuna
  4. ngusap sirah anu leutik
Wandi   : ehh salah atuh, lain ngusap sirah nu leutik tapi ngusap sirah saeutik. Makana ari ngaji teh ulah bari ngalamun, komo bari hokcai mah
Doni       : cik wandi kumaha atuh anu benderna :
Wandi   : kieu gera :
Ari pardu wudhu eta ya 6 perkara :
  1. niat
  2. ngumbah raray
  3. ngumbah 2 panangan sarta sikuna
  4. ngusap sirah saeutik
  5. ngumbah 2 suku sarta mumuncangana
  6. tartib.
Doni       : ohhhh kitu,pinteur oge geuning akang wandi teh?
Wandi   : wandiiiii,sapa dulu dong gurunya?
Angga   : tah tah aya sora adzan, hayu ah urang sholat berjama’ah yu?
Wandi   :  hayu atuh,didieu weh,Doni imamna, angga nu komatna
ahhh besekna simpen di hareup bisi aya nu maok ………………….( Shalat berjama’ah ) …

Angga   : ete ewes eye kedel kene keje
Wandi   : teng ngemeng,betel
Doni       : untung urang mah teu ngomong
Wandi/angga : eta ngomoooooooooong
Doni       : ah titadi teh kalah hareureuy wae, urang jeung pa ustad weh shalat berjama’ahna di masjid.
Wandi/angga : hayuuuuuuuuu.

wassalam 
Share:

0 comments:

Post a Comment

Blogroll

About

BTemplates.com