SABABNA TAYAMUM
Syarat tayamum kabehna Aya
sapuluh lobana
Taneuh anu kahijina Kadua
beuresih taneuhna
Ulah musta’mal taneuhna Ieu
syarat katiluna
Kaopatna taneuh asli Ulah kacampuran aci
Ari anu kalimana Ngamaksud
kana taneuhna
Yen kudu mindahkeunnana Taneuh
kana anggotana
Kageunepna kudu ngusap Beungeut
jeung leungeun diusap
Taneuhna walatra ceukap Urang
kudu beunang insaf
Ari anu katujuhna Kudu
miceunan najisna
Tina kabeh anggotana Dina
memeh tayamumna
Syarat nu kadalapanna Urang
tah kudu titena
Sing nyaho kana kiblatna Dina
memeh tayamumna
Anu kasalapan kudu Tayamumna
manjing waktu
Shalat fardu anu tangtu Sing
ngarti carana kitu
Kasapuluh panutupna Kudu
tayamumna insan
Pikeun saban kafarduan Safardu
satayamuman
FARDUNA
TAYAMUM
Ari farduna tayamum Aya
lima nu geus ma’lum
Ari anu kahijina Eta
mindahkeun taneuhna
Nomer kadua disebat Niat ngamenangken shalat
Ngusap beunget katiluna Ari
anu kaopatna
Ngusap leungeun neupi kana Sikuna
nu duanana
Jeung ari nu kalimana Kudu
tartibna ngusapna
Nu dua bilangannana Ngusap
beunget jeung leungeuna
PEMBATALAN TAYAMUM
Batal tayamum ku tilu Ku
naon batalna wudu
Dina tayamum ge kitu Sing
ngarti ulah balilu
Ieu anu kahijina Ari
anu kaduana
Kusabab murtad gawena Tekad
atawa ucapna
Tilu nyangka
aya cai Mun
tayamumna geus pasti
Nyaeta
seupina cai Mun
tayamumna geus seupi
Nyaeta seupina cai He
nu tayamum sing ngarti
Sky Casino in Jordan 7-star Discounts - Air Jordan7
ReplyDeleteShop replica air jordan 18 shoes On sale for get retro jordans SKYCITY's 7 STAR discount code 바카라 and promo. jordan 7 retro on sale Save with our latest SKYCITY promotional dafabet codes & free promo for more than 15 countries.