SYARAT SUSUCI KU BATU
Syarat susuci ku batu Dalapan
anu geus tangtu
Hiji kudu tilu batu Hiji
batu tilu juru
Dipakena hiji-hiji Juru
tilu hiji-hiji
Jeung kudu bersih temptna Syarat
anu kaduana
Tegesna tempat najisna
Kudu peper sabersihna
Syarat anu katiluna Yen
ulah garing najisna
Syarat anu kaopatna Teu
menang pindah najisna
Rejeung ulah kakenaan Eta najis kunu lian
Mangka lamun kakenaan Kucai
kudu bersihan
Eta anu kalimana Ari
anu kagenepna
Ulah ngaliwat najisna Kana
gigireun duburna
Jeng teu menang ngaliwatan Kana
hasapahna insan
Tujuh ulah kakenaan Ku cai
anu ngabasehan
Sabab lamun kajadian Batu
henteu ngabersihan
Ari anu kadalapan Batu
kudu kabuktian
Nu suci tur ngalaanan Kana
najis nu ngabersihan
LOBANA HADAST
Hadast teh dua rupana Hadast
leutik kahijina
Hadast gede kaduana Tong
lali salalamina
Hadast leutik ngawajibken Kana
wudhu ditangtuken
Hadast gede ngawajibken Kana
mandi ditangtuken
TANDA BALIGH HAID JENG NIFAS
Baligh teh tilu tandana Hiji
sampurna umurna
Geus limabelas taun umurna Dilalaki
awewena
Dua ngimpi sacompana Kitu
jalma biasana
Lalakina awewena Osok
ngimpi sacompana
Dimana geus sampurna Salapan
taun umurna
Kaluar hed katiluna Khusus
pikeun awewena
Ukuran hed saeutikna Sapoe
rejeung peutingna
Jeng genep poe golibna Tawa
tujuh biasana
Lima belas poe kade jeung
petingna sami bae
Seueurna hed diawewe Kanyahoken
hei awewe
Ari suci saeutikna Antara
hed duanana
Tina peugat jeng datangna Sok
limabelas poena
Jeng golibh
suci awewe Duapuluh
opat poe
Tawa sucina
awewe Duapuluh lima poe
Sareng teu aya patokan Kana
lobana ukuran
Ukuran suci kalawan Geus
rempug anu matokan
Ari saeutikna nifas Sagejrotan
ulah reuwas
Jeng ari golibhna nifas Opat
puluh poe jelas
Jeng ari nifas lobana Sok
genep puluh poena
Tapi mun aya leuwihna Getih
panyakit ngarana
0 comments:
Post a Comment