Saturday, November 26, 2016

NADOMAN FIQIH ( bahasa sunda - part 7 )

NGURUS MAYIT

Wajb kifayah hukumna                        Mayit islam diurusna
Ngadusan reujueng mungkusna         Nyalatan reujeung nguburna
Saeutik ngawalatraan                           Cai beursih kana badan
Ari anu sampurna mah                        Anu gorengna dikumbahan
Qubul dubur liang irung                      Nu ngadusan ulah ngirung
Kokotoran dipiceunan                         Ulah arek diliwatan
Samemeh urang ngadusan                 Ku urang mayit wuduan
Badan mayit dikosokan                       Make sidir boh nu lian
Jeung judu ngocorkeun cai                 Ka mayit pameuget istri
Dikocorkeun tilu kali                           Kade sing ati-ati
Jeung ari dina mungkusna                  Nu pang saeutik-eutikna
Eta ku pakeannana                             Asal nutupan badana
Ari mungkus nu sampurna                Lamun lalaki mayitna
Ku tilu lapis lobana                             Teu kudu aya tambahna
Lamun mayitna awewe                      Mungkusna dihade-hade
Aya lima pek pigawe                          Ulah sok baringung bae
Baju kurung reujeung tudung           Bianyu pek pake bungkus
Jeung dua lapis pek itung                  Dina mungkusna pek sing alus


RUKUN SHALAT MAYIT

Rukun sholatuljinajah                         Aya tujuh hiji niat
Bari nyinghareup ka kiblat                 Kadua takbirna opat
Tilu nangtung lamun bisa                   Opat fatihah lamun bisa
Lima maca shalawat                           Ba’da takbir nu kadua
Ari anu ka geuneupna                        Maca do’a keureumitna
Ba’da takbir katiluna                          Maca salam katujuhna


NGUBUR MAYIT

Ngubur mayit saeutikna                      Asal nutupan ambeuna
Jeung ngajaga mayit tina                     Sasatoan nu galakna
Ngubur mayit nusampurna                 Kira satangtung jeurona
Sareung sabeber leungeuna               Tah kitu aturanana
Jeung pipi mayit diteundeun              Dina taneuh dianteulkeun
Jeung anu di sangigirkeun                   Ulah rek ditangkarakkeun
Malah wajib nyangharepan                Ka kiblat ulah nukangkeun
Duh mayit maneh geuningan             Di jeuro kubur nyorangan


Share:

0 comments:

Post a Comment

Blogroll

About

BTemplates.com