Sunday, November 27, 2016

HEUREUY SANTRI ( Bahasa sunda - part 2 )

HEUREUY SANTRI ( pembatalan wudhu )

Ramdan     : Assalamu’alaikum
Dendi          : wa’assalamu’alaikum
Ramdan     : Den,,Ari apal keneh  teu talaran hadis nu minggu kamari
Dendi          : Apal atuh….. kieu geura : “Man tarok kalafana, wa faruduhu ala cipatina”
Ramdan     : Naon hartina teh den ?
Dendi          : sing saha jalma narok kalapa ,terus diparud pasti rek diala cipatina…
Ramdan      : aaah ngaco ente ma,,nu bender ma kieu “Afdolu dahri wasafatul bakri, waja’at kulubuhum wal bakru   pataaya..
Dendi          : naon hartina teh dan ?
Ramdan     : pang apdol-apdolna dahar nyaeta sareng beuleum sepat, kulub ja’at jeung beuleum peuteuy
Dendi          : Aaah sarua ngaco ieu mah..
Ramdan     : eeehh urang katen zenal yu..urang nanyakeun pelajaran fikih kamari,,
Dendi          : ohhnya,,kan kamari urang duaan teu ngaos ?
Ramdan     : Hayu atuh
Dendi          : hayu……

Ramdan/Dendi : Assalamu’alaikum
Zaenal         : Wa’alaikum salam,,eh geuning dendi sareung Ramdan, aya naon meni asa rareuwas, mangga atuh       kaleubeut.
Dendi          : ah silaturahmi weh,,ameh kabarokahan ku faedahna
Ramdan     : muhun,sakanteunan urang ngagosip…gossip, digosok makin sip..
Zaenal         : eeeh teu kengeng ngagosip,,eta teh kaleubeut padamelan dosa.
Dendi          : muhun dosa,,sepertos meledos teu karasa
Ramdan     : kieu Zen,,abi duaan kadieu teh bade naroskeun peurkawis pelajaran fikih kamari
Zaenal         : naha kamari kamarana kitu teu ngaraos ?
Dendi          : kamari abi teh kaseurang flu sareung panas tiris,,margi basa uih sakola        kahujanan,,,haciiih_haciiiih
Ramdan     : pami abi ma,,kamari te nyeuri waos,,tah geuning ieu ge bareuh keneh..
Zaenal         : oh kitu,,,kumaha ayeuna karaosna
Dendi          : Al-Hamdulillah ntos rada rerep
Ramdan     : Muhun sami abi oge
Zaenal         : pada intina ma pa ustad teh nerangken kieu :
                      Ari nu ngabatalken kana wudhu eta aya 4 perkara :

1.       aya nu kaluar tina salah sahiji palawangan,,kubul atawa dubur
2.       leungit akal kusabab sare atawa anu liana, kecuali sare anu netepken pangdiukana dina bumi.
3.       Paantel kulit lalaki jeung awewe, pada geude duanana,lain muhrim duanana kalawan tanpa hahalang
4.       Nyabak kubul bangsa adam ku dampal leungen atawa ramo
Dendi          : ooh kitu,,keee tapi abi kirang ngartos nomer ka 3,ari paantel kulit batal duanan atawa salah sahijina
Zaenal         : batal duanana
Ramdan     : pami nomer ka 4, tentang nyagap kubul
Zaenal         : pami eta mah batal anu nyagapna hungkul
Dendi          : nuhun nya Zenal tos diterangken deui,,jadi abi teu tinggalen pelajaran
                      Duh ieu te sanes kurang sono,,tapi abi teh teu acan ibak
Zaenal         : naha atuh, paingan ti tadi te asa rada huak-heok,,jadol teh bau kelek ente geuning…
Ramdan     : aduh-aduuuuh
Zaenal         : kunaon dan bangun anu kanyeurian
Ramdan     : ieu waos karaos nyeri,,mangga atuh abi bade lalandong hela ka pa mantri
Zaenal         : Nya sok atuh

                      Wassalamu’alaikum wr wb

 








Share:

HEUREUY SANTRI ( Bahasa Sunda - part - 1 )

HEUREUY SANTRI ( fardu wudhu )

Doni       : Al-hamdulillah,ari babareungan jeung ustad mah kabagean barokahna,padahal kuring mah ngan saukur santri anu can bisa nanaon
Angga   : muhun,muhun can bisa nanaon,muhun
Wandi   : tah geuning ieu buktina,make menang besek sagala tinu syukuran. Apanan aya paribasa, sing saha jalma nu babarengan jeung tukang minyak seungit bakal kabawa seungit,jeung sing saha jalma anu babareungan jeung tukang lebu pasti bakal ngilu kakebulan.
Angga   : muhun, muhun kakebulan
Doni       : Muhun, muhun weh titatadi teh,tai kotok rasana coklat
Angga   : Muhun, tai kotok rasa coklat
Wandi   : ehhh kalah tuturut munding wae,tai ucing rasana haseum
Angga   : Muhun tai ucing rasana haseum
Doni       :Ya Allah, ya Karim kalah hareurey wae nya. Cik ah Doni arek naya perkara nu di terangkeun ku pa ustad kamari. Cikan Angga apal keneh teu?
Angga   : apal atuh, anggaaaaaaaaa,kieu geura :
Walayangtakila walayajifa idadubigo walamyablug minal aspali
Doni       : naon hartina eta teh ngga?
Angga   :  walayangtakila : Jeung ulah tungkal-tangkel, walayajifa : kana mobil jip, ida dubigo : dimana digubag-gabig, walamyablug : maka bakal tigedeblug, minal aspali : kana aspal
Wandi   : ah et mah lain pelajaran kamari atuh,tapi panyarek pa ustad supaya ulah nangkel kana mobil nu keur maju,bisi     cilaka.
Angga   : muhun, muhun bisi cilaka
Wandi   : cik ari Doni apal teu ?
Doni       : apal atuh, Doniiiiii, kieu geura :
Waljaeru ida gorimi wakucipa fahuwa ni’matun
Angga   : naon harinateh don?
Doni       : Waljaeru : jeung ari lauk mujaer, idagorimi : dimana-mana digoreng, wakucipa : teurus dikecapan, fahuwa ni’matun : maka tangtu eta ni’mat kacida
Wandi   : ahh saruana ngaco ieu mah,tadi mobil jip ayeuna goreng lauk jaer nu dikecapan.dasaaar dasaaar,
da kamari mah pa ustad teh nerangkeun perkara parduna wudu,cikan angga apal keneh teu ?
Angga   : ohhhh inget ayena mah, kieu gera :
Ari pardu wudhu eta ya 6 perkara :
  1. niat
  2. ngumbah raray
  3. ngumbah panangan duanana sarta sikuna
  4. ngusap sirah anu leutik
Wandi   : ehh salah atuh, lain ngusap sirah nu leutik tapi ngusap sirah saeutik. Makana ari ngaji teh ulah bari ngalamun, komo bari hokcai mah
Doni       : cik wandi kumaha atuh anu benderna :
Wandi   : kieu gera :
Ari pardu wudhu eta ya 6 perkara :
  1. niat
  2. ngumbah raray
  3. ngumbah 2 panangan sarta sikuna
  4. ngusap sirah saeutik
  5. ngumbah 2 suku sarta mumuncangana
  6. tartib.
Doni       : ohhhh kitu,pinteur oge geuning akang wandi teh?
Wandi   : wandiiiii,sapa dulu dong gurunya?
Angga   : tah tah aya sora adzan, hayu ah urang sholat berjama’ah yu?
Wandi   :  hayu atuh,didieu weh,Doni imamna, angga nu komatna
ahhh besekna simpen di hareup bisi aya nu maok ………………….( Shalat berjama’ah ) …

Angga   : ete ewes eye kedel kene keje
Wandi   : teng ngemeng,betel
Doni       : untung urang mah teu ngomong
Wandi/angga : eta ngomoooooooooong
Doni       : ah titadi teh kalah hareureuy wae, urang jeung pa ustad weh shalat berjama’ahna di masjid.
Wandi/angga : hayuuuuuuuuu.

wassalam 
Share:

NADOMAN FIQIH ( bahasa sunda - part 8 )

BAB PUASA 

Wajib ka urang puasa                         Di bulan romadon biasa
Pameuget istri dipaksa                       Mun kuat jeung geus dewasa
Lima perkara sababna                        Hiji kusabab sampurna
Tilupuluh bulan sa’ban                      Pek geura saum isukna
Kadua sabab ninggali                          Tanggal romadon di hak jalmi
Najan fasik eta jalmi                           Anu ninggal tanggal hiji
Tilu kusabab teuteupna                     Tanggal dihakna sijalma
Nu teu ninggali tanggalna                  Ngan adil saksiannana
Ka opat ku pang bejaan                      Jalma adil cariosan
Tur geude kapercayaan                      Puasana kawajiban
Omat mun nyangka benerna             Atawa nyangka salahna
Tawa nu teu kaperaya                         Ngan dina hate mah aya
Ari anu kalimana                                 Ku nyangka asup romadona
Teugesna tangggal romadona           Kalawan ati-atina



SYARAT SYAH SAUM

Saum pardu sareng sunat                  Syarat sahna aya opat
Islam anu kahijina                               Boga akal kaduana
Kudu suci tina hedna                          Tina nifas katiluna
Kaopatna nyaho kana                         Poe nu sah puasana


SYARAT WAJIB SAUM

Syarat wajib puasana                          Aya lima sadayana
Islam anu kahijina                               Geus baleg nu kaduana
Tilu kuat puasana                                Kaopat sehat badana
Ari anu kaliamana                               Cicing dilembur jalmana


RUKUN SAUM

Saum tah tilu rukuna                           Niat anu kahijina
Ti peuting manah sing tenang            Kade niat tibeurang
Dina fardu lain sunat                            Dina sunat meunang niat
Tibeurang tong leutik fakir                  Dina samemehna lingsir
Kadua kudu ninggalkeun                     Tinu matak ngabatalkeun
Ari anu katiluna                                     Jalma anu puasana


WAJIB KIFARAT JEUNG QODO

Kifarat qodo ta’jiran                             Aturan sareung geuningan
Ulah dianggap lumayan                      Sumawona heuheureyan
Anu kieu tah wajibna                          Ka jalma islam khususna
Anu ngabatalkeun kana                      Puasa bulan romdona
Tur ngabatalkeun saumna                  Seuperti anu sampurna
Ku jima anu sampurna                        Eta tetela dosana


WAJIB NGEUKER SARTA QODO

Wajib ngeuker sarta qodo                  Diana geunep kade poho
Atawa urang teu nyaho                      Kahijina pek arilo
Jalma batal puasana                           Anu ngahaja batalna
Dina bulan romadona                        Jeung lain dina liana
Kaduana tinggal niat                          Ulah lalawora omat
Di bulan romadon tipeuting              Ieu tah perkara penting
Jalma saur repeh-repeh                     Nyangkana tah peuting keneh
Pek tetela kamanehna                        Sulaya sangkaannana
Kaopat jalma nu buka                         Bari kana surup nyangka       
Tur padahal mah sulaya                     Atuh hanjakal nu aya
Lima mun nyata pisan                         Ka jalama dina poean
Tilupuluh bulan sa’ban                        Eta tah geus bulan romadon
Kageunep mun mileupasna                Cai moharakennana
Moharaken kekemuna                        Atawa ngingsrep caina


BATALNA SAUM

Batal puasa ku hedna                          Ku nifasna ngajuruna
Ku murtadna jeung edana                  Najan sakeudeung edana
Kusakalor reujeung weureu                Nu dihaja-haja weureu
Tikawit bijil fajarna                              Neupi kasurup poena


HUKUMNA BUKA DINA ROMADON

Hukum buka dina romadon                Opat rupa nu kadongdon
Nyaeta nu wajib kawas                       Istri nu hed reujeung nifas
Jalma anu nyanyabaan                       Jalma gearing lemah badan
Nu kieu menang bukana                     Sarta mere kagampangan
Buka teu wajib teu wenang                Cara jalma anu kurang
Anu edan otak malang                        Henteu sak jeung henteu mangang
Aya buka diharamkeun                       Cara jalma nu ngahirkeun
Kana qodo ngagampangkeun             Ibadah sok diheureuyken
Neupi karupet waktuna                      Waktu keur ngodoanana
Tur ker aya dilemburna                      Cicing sarta jeung cageurna


BABAGIAN BUKA

Buka dina bulan romadon                   Dibagi opat bagian
Ari anu kahijina                                     Wajib qodo jeung fidyahna
Tah kieu keur manusa                          Anu bukana puasa
Karana sieun doreksa                           Ka lian dirina asa
Jeung anu batal saumna                      Tur teu kaburu qodona
Neupi ka nyorang romadona              Romdon nu datang ayeuna
Sarta tah manehna cicing                   Oge cageur henteu gearing
Tapi eta mah estu pisan                      Ku ngedul kade sing eling
Dua anu wajib qodo                             Ngan hentue wajib fidyahna 
Seuperti batal saumna                        Jalma anu sakalorna
Katilu nu wajib fidyah                          Henteu wajib qodo mah
Cara aki-aki payah                               Tanagana enggeus lemah
Ari anu ka opatna                                 Anu teu wajib qodona
Jeung teu wajib fidyahna                    Cara jalma anu edan


TEU BATAL  PUASA

Henteu batal puasana                        Sabab aya nu asupna
Kana jero beuteungna                        Kulantaran pohona
Atawa sabab bodona                          Kitu deui kapaksana
Reujeung ku neureuy ciduhna           Sabab aya perkarana
Nunapel dina huntuna                        Tur apes nyiduhkenana
Reujeng asup kekebulan                     Asup kana liliangan
Reujeung kateurey lareurna              Nyakitu deui bangsana
Anu hiber asup kana                           Baham jalma nu saumna


PANAMBAH

Sakieu nadoman fiqih                         Bab haji tangtu kapanggih
Kunu ngamaksud jiarah                      Ka makah Al-mukaromah
Nu penting kanggo tambahan           Bacaan apal-apalan
Dibumi dimadrasahna                        Tah ieu wincikanana.




"diterjemaahkan dari kitab Durusul Fiqih"
Wallohu 'alam.

Share:

Saturday, November 26, 2016

NADOMAN FIQIH ( bahasa sunda - part 7 )

NGURUS MAYIT

Wajb kifayah hukumna                        Mayit islam diurusna
Ngadusan reujueng mungkusna         Nyalatan reujeung nguburna
Saeutik ngawalatraan                           Cai beursih kana badan
Ari anu sampurna mah                        Anu gorengna dikumbahan
Qubul dubur liang irung                      Nu ngadusan ulah ngirung
Kokotoran dipiceunan                         Ulah arek diliwatan
Samemeh urang ngadusan                 Ku urang mayit wuduan
Badan mayit dikosokan                       Make sidir boh nu lian
Jeung judu ngocorkeun cai                 Ka mayit pameuget istri
Dikocorkeun tilu kali                           Kade sing ati-ati
Jeung ari dina mungkusna                  Nu pang saeutik-eutikna
Eta ku pakeannana                             Asal nutupan badana
Ari mungkus nu sampurna                Lamun lalaki mayitna
Ku tilu lapis lobana                             Teu kudu aya tambahna
Lamun mayitna awewe                      Mungkusna dihade-hade
Aya lima pek pigawe                          Ulah sok baringung bae
Baju kurung reujeung tudung           Bianyu pek pake bungkus
Jeung dua lapis pek itung                  Dina mungkusna pek sing alus


RUKUN SHALAT MAYIT

Rukun sholatuljinajah                         Aya tujuh hiji niat
Bari nyinghareup ka kiblat                 Kadua takbirna opat
Tilu nangtung lamun bisa                   Opat fatihah lamun bisa
Lima maca shalawat                           Ba’da takbir nu kadua
Ari anu ka geuneupna                        Maca do’a keureumitna
Ba’da takbir katiluna                          Maca salam katujuhna


NGUBUR MAYIT

Ngubur mayit saeutikna                      Asal nutupan ambeuna
Jeung ngajaga mayit tina                     Sasatoan nu galakna
Ngubur mayit nusampurna                 Kira satangtung jeurona
Sareung sabeber leungeuna               Tah kitu aturanana
Jeung pipi mayit diteundeun              Dina taneuh dianteulkeun
Jeung anu di sangigirkeun                   Ulah rek ditangkarakkeun
Malah wajib nyangharepan                Ka kiblat ulah nukangkeun
Duh mayit maneh geuningan             Di jeuro kubur nyorangan


Share:

NADOMAN FIQIH ( bahasa sunda - part 6 )

RUKUN SHALAT

Rukun shalat sadayana                       Tujuh beulas kahijina
Niat shalat ulah leupat                        Kanyahokeun sing careupat
Takbirotul ihrom dua                          Tilu nangtung lamum bisa
Dina keur shalat parduna                   Mun sunat bisa diukna
Kaopat maca fatihah                           Nukalima ruku malah
Kageuneupna tumaninah                   Dina ruku ulah salah
I’tidal nukatujuhna                              Ari nu kadalapanna
Nyaeta tumaninahna                          Urang dina I’tidalna
Sujud anu kasalapan                           Sujudna dua balikan
Kasapuluh tumanianah                       Dina sujud sing merenah
Ari nu kasabelasna                              Nyaeta kudu diukana
Antara sujud duana                             Bari pek baca du’ana
Jeung nu kaduabelasna                      Tumaninah na diukna
Jeung nu katilubelasna                       Tahiyat akhir macana
Ari kaopat belasna                               Diuk tahiyat akhirna
Ari kalima belasna                               Kudu maca sholawatna
Macana ba’da syahadat                     Na tahiyat akhir omat
Geunep belas maca salam                 Pek lakonan ulah hamham
Ari katujuh belasna                             Kudu tartib narukuna
Rukun bangsa pagawean                   Atawa bangsa bacaan


SYARAT SYAH SHALAT

Syarat syah shalat dalapan                           Hiji kudu bersih pisan
Tina hadas duanana                                       Kudu beursih kaduana
Tina najisna badana                                       Jeung dina pakeannana
Jeung dina tempat shalatna                         Tong gagabah sing ingetna
Ari anu katiluna                                               Kudu nutupan oratna
Ari anu kaopatna                                            Kana kiblat nyanghareupna
Lima kudu manjing waktu                             Shalat fardu nu geus tangtu
Ari anu kageunepna                                       Nyaho kana kafarduanana
Tujuh syarat sahna shalat                              Urang tong nekadkeun sunat
Tina kafarduan shalat                                     Kade ulah laleupat
Ari anu kadalapan                                            Urang kudu ngajauhan
Tina sakur pambatalan                                   Masing ati-ati pisan


UDZURNA SHALAT

Aya dua udur shalat                            Kusabab ieu teu leupat
Teu dosa ngahirken shalat                  Kanyahokeun omat-omat
Sareng anu kahijina                             Nyata dimana sarena
Timemeh manjing waktuna               Nyaeta waktu shalatna
Poho anu kaduana                              Lain kusabab ngaduna
Atawa maen gawena                          Nukitu teuteup dosana


PAMBATALAN SHALAT

Ari anu ngabatalkeun                                     Kana shalat dijumlahkeun
Opat belas pek apalkeun                               Ieu Rek dipertelakeun
Kahiji kusabab hadas                                      Shalatna batal sing awas
Ari nomer kaduana                                         Katibanan ku najisna
Katilu kabuka orat                                           Orat keur nalika shalat
Mun teu ditutupan geuwat                           Shalatna batal teu leupat
Ari anu kaopatna                                             Ngomong nalika shalatna
Mere harti ku ngomongna                             Sanajan hiji harapna
Ari anu kalimana                                              Migawe tur ngahajana
Kana nu sok ngabatalkeun                             Kana saum dihajana
Dahar loba kageunepna                                 Tur poho dina daharna
Atawa teu nyaho kana                                   Haram dahar keur shalatna
Katujuh usik-usikan                                        Lobana tilu usikan
Bari tuluy-tuluy najan                                     Usikna tah kapohoan
Kadalapan luncat tarik                                    Bari sanajan sabalik
Kasalapan neunggel tarik                              Kade urang sing apik
Nu kasapuluh nambahan                              Rukun bangsa pagawean
Bari ngahaja nambahan                                 Karana ulin-ulinan
Ari nu kasebelasna                                          Miheulaan ka imamna
Ku dua rukun lobana                                      Pagawean duanana
Nyakitu mun mandeuriken                           Ti imam ku dua rukun
Anu bangsa pagawean                                  Sarta tina paudzuran
Nu kaduabelas niat                                         Kana megatkena shalat
Katilubelasna umat                                         Ngagantung megatken shalat
Ari kaopatbelasna                                           Mun urang mandeg mayongna
Dina megatkeun shalatna                              Kukitu batal shalatna


ANGGOTA SUJUD

Anggota sujud jumlahna                     Aya tujuh perkarana
Tarang jeung dampal leungena         Reujeung tuur duanana
Nyakitu dampal ramona                     Ramo suku duanana
Ieu tah wajib antelna                          Dina nalika sujudna


SABAB SUJUD SAHWI

Ari sabab sujud sahwi                         Aya  opat eungges pasti
Kahiji tinggal sawareh                        Tina ab’ad shalatna tah
Dua sabab migawena                         Sarta poho migawena
Kanu batal ngahajna                           Jeung teu batal pohona
Katilu mindahkeun rukun                   Rukun nu bangsa ucapan
Pindahna tah kana lian                       Teumpatna eta ucapan
Opat nibakeun rukuna                        Bangsa pagaweannana
Sarta ihtimal tambahna                      Cara mang-mang raka’atna


AB’ADNA SHALAT

Sakabeh ab’adna shalat                      Aya tujuh heunteu leupat
Hiji tahiyyat awal                                 Diuk tahiyyat awalna
Ieu mah nukaduana                            Ari anu katiluna
Maca halawat ka nabi                         Na tahiyyat awal tadi
Ari anu ka opatna                               Tambah kakulawargi
Dina tahiyyat akhirna                         Ulah diliwat macana
Kunut anu kalimana                           Kageuneup nangtung kunutna
Dina rakaat akhirna                            Sapeurti shalat subuhna
Katujuh maca shalawat                      Shalawat kanabi terhurmat               
Kulawargi sareung sohabat               Dina nukunutna nu shalat



WAKTU SHALAT

Shalat fardu lima waktu                      Ari dzuhur waktu tangtu
Panon poe eunggeus ngeser              Tina tengah-tengah poe
Malah akhirna jadina                           Kalangkang tina misilna
Tur eta lain leuwihna                           Kalangkang teungah poena
Ari asyar mimitina                               Lamun geus aya mimitina
Tina jadi kalangkangna                       Perkara tina misilna
Akhirna waktu asyar teh                     Lamun surup panon poe
Malah awal maghrib oge                   Ti surupna panon poe
Jeung waktu maghrib akhirna            Surup mega anu beureum
Ari isya mah awalna                            Ti surup mega beureum
Akhir isya nggeus sidik                        Kunu a’lim diseulidik
Mun geus bijil fajar syidik                   Kade masing arapik
Jeung ari subuh awalna                      Ti bijil fajar syidikna
Ari subuh teh akhirna                         Geus bijil panon poena
Mega teh tilu lobana                          Beureum,koneng,jeung bodasna
Beureum ciri maghribna                    Koneng,bodas mah ciri isyana
Jeung sunat akhirkeun awas              Kana shalat isya luas
Neupi ka surpna jelas                         Mega koneng jeung nu bodas




SYARAT MA’MUM

Ari ma’mum teh syaratna                  Aya sabeulas jumlahna
Ari anu kahjina                                    Ulah nyaho si ma’mum
Ka imam batal shalatna                      Kusabab hadas imamna
Ari syarat ka duana                             Jeung ulah nekadkeun kana
Wajib ngodoan shalatna                    Nyaeta shalat imamna
Ka tilu jeung ka opatna                      Ulah bukti nyele imamna
Anu ma’mum kaliana                         Tur ulah bodo imamna
Lima ulah katukangan                         Imam sing jadi patokan
Geuneup kudu nyaho ma’mum        Kana pundah-pindah imam
Tujuh kudu kumpul sami                    Imam jeung ma’mum ngahiji
Atawa kumpulna imam                      Jeung ma’mum urang sing paham
Aya tilu ratus siku                                Had takrina teh aya sakitu
Ka dalapan kudu niat                          Jadi ma’mum omat-omat
Salapan akur carana                           ma’mum,imam na shalatna
Jeung teu meunang nyulayaan         Dina eta pasunatan
Anu kurang nyulayaan                        Dina eta pasunatan
Ieu anu kasapuluh                               Kasabeulas mah geus puguh
Ma’mum nurut ka imamna               Teu syah lamun sulayana

  
GAMBARAN MA’MUM

Sakabeh gambaran ma’mum             Aya salapan geus umum
Dina lima menang ma’mum              Opat mah teu heunteu sah ma’mum
Nu sah ma’mum ditaliti                      Eta ma’mumna lalaki
Ka bangsa lalaki deui                          Awewe jeung wandu oge
Ari ma’mumna awe                            Ka wandu pek menang bae
Jeung sah ma’mumna awewe           Ka awewe deui hade
Kade batal ma’mumna                       Dina opat sing ingetna
Teu sah ma’mumna lalaki                  Ka istri najan nu ngarti
Lalaki ka wandu oge                           Malah wandu ka awewe
Wandu ma’mum ka bangsana          Tah kitu babarannana
Share:

Blogroll

About

BTemplates.com